Tampilkan postingan dengan label Carpon. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label Carpon. Tampilkan semua postingan

Senin, 21 Maret 2011

Si eta mah....

Perhatosan : Ngaos ieu carpon ulah bari tuang nya..!!!




Aya 3 budak keur ngobrol na buruan imah,kieu tah caritana...

Si A : "Nyaho teu..? Si eta mun ngomong teh sok ngacay jeung leungeuna teh sok bari ngorek ceuli tuluy diambeuan.."

Si B : "Komo si itu mah..!!! sok ngorong sembarangan jaba sok disusutkeun kabatur,cenah mah bagi-bagi rejeki, jeung mun geus ngorong langsung dahar sok tara ngumbah leungeun ..ihhh"

Si C : "Eh komo si anu mah siah..nyaho teu mun geus ingsreuk-ingsreukan bari lehona teh ngambay tea nepi ka biwir,hejo deui,sok hayang ngeulap da...hahahaha"

Kamis, 03 Maret 2011

Cendol, Cingcau jeung Goyobod

Mun siang-siang tengah poe hawa teh asa panas ngaheab hareudang jaba mun kesang ngoprot lu'at le'et ngabaseuhan awak, sok teu ngareunah weh mun kaayaana jiga kitu teh komo nu keur bari gawe, sakola, kuliah mah siang-siang sok katarajang panyakit tunduh jeung lelengutan, hayangna teh geura-geura gancang istirahat atawa balik ka imah ngahodhod bari dikipasan ku hihid komo deui mun nginum nu tiis-tiis seger jiga es cendol, cingcau atawa goyobod jeung sajabana. Waah seger pisan tah bisa jadi cenghar deui eta mah.Nyarioskeun cendol,cingcau jeung goyobod eta inuman teh emang geus kakoncara pisan. Diolahna ge ti bahan-bahan alami lain campuran ti bahan kimia jeung pengawet jiga inuman kaleng atawa nu bersoda.

Di kota Bandung aya tempat jualan cendol nu geus ka koncara pisan,mun ulin ka kota Bandung pasti moal bireuk deui lah ka Cendol elizabeth nu jualana deket toko tas elizabeth. Mantak dingaranan cendol elizabeth ge da ti ngamimitian usaha dagang cendol  jualana deket jeung toko tas elizabeth di jalan otto iskandar dinata,Bandung. Cendol nu bahan utamana tina tipung beas nu diguruntul-guruntul tuluy digodog dicampur warna hejo tina daun pandan,terus disajikeuna dihijikeun jeung es,santen,gula beureum cair (kinca). Rasana amis rada gurih,seger pisanlah komo mun di tambahan nangka mah pedo pisan.

Mun es cingcau mah bahan utamana tina daun cingcau nu diancurkeun tuluy diproses,mun tos jadi jiga jelly terus dicampur ku es,santen jeung sirop.Sabenerna mah cingcau teh aslina ti china nu dicokot ti kata Cincau (Hanzi: ไป™่‰, pinyin: xiancao)  nu asalna ti dialek Hokkian sienchau. Mun ayeuna mah es cingcau teh sok dikreasikeun jeung es krim nu mantak nambah seger.Cingcau ge aya nu hejo,aya nu hideung jeung sok aya oge nu warna warni. Daun cingcau ge sebenerna aya kasiatna nyaeta bisa jang ngalancarkeun pencernaan.

Mun Goyobod,di Bandung aya Goyobod nu geus koncara pisan diantarana nyaeta : Gokil (Goyobod Kliningan) jeung Goyobod kuno.Mun sok balanja ka pasar baru,di daerah tukangeun bangunan pasar baru aya gerobak nu jualan  Goyobod nu geus ka koncara pisan nyaeta Goyobod kuno 49 jeung aya hiji deui nu landihna Gokil singkatan tina Goyobod Kliningan nu mangkalna di jalan kliningan . Goyobod nu bahan utamana tina tipung aci kawung atawa tipung hun kweenya nu dicampur cai tuluy diolah. Ameh nambah nikmat biasana sok dicampur ku kalapa parut,santen,susu jeung kinca.Ehmm,,ngarioskeun nu seger-seger jadi rada ngacay ..hehe

Tos heulanya ngeunaan cendol,cincau sareng goyobodna, nuhun.


Kamis, 10 Februari 2011

Bajigur Jeung Bandrek

  Sabaraha poe' katukang,hujan teh asa mineung turun di sore-sore atawa peuting ditambah ku angin nu ngagelebug gede.Dina usum tiris kieu mah biasana sok loba nu katarajang geuring demam,pilek,flu nu matak ngajangarkeun.Tah mun geus kitu urang kudu loba ngajaga awak meh teu gancang geuring komo nu kagiatana udar-ide'r kaditu kadieu nu katelahna basa ayeuna mah mobile.Mun sore-sore atawa peuting kan sok tiris jaba mun turun hujan nu ngage'wor badag di kota Bandung nambah tiris weh,ngeunah na mah teh cicing di bumi bari ngopi nu haneut-haneut atawa ngarengkol dijuru kamar bari disimut nu kande'l.

  Nyarioskeun ngopi nu haneut-haneut ubar usum tiris kieu,di daerah Bandung atawa tatar sunda pada umumna loba pisan opieun nu haneut-haneut bari jeung kacida ngeunahna moal bireuk deui ku balarea lah,contona bajigur jeung bandrek nu geus ka koncara pisan.Mun ngaleueut ieu inuman komo mun peuting mah jaba usum tiris kieu,Waah cokpis lah (cocok pisan maksudna mah..hehe).

  Bajigur nu dijieun tina cipati (kalapa) jeung gula beureum (gula kawung) ieu emang pe'do pisanlah jang usum kieu mah komo ditambah jeung kukuluban nu haneut-haneut siga kulub hui,kulub sampeu,kulub cau,kacang bulu jeung sajabana,ahh geus weh kopi starbuck jeung roti breadtalk atawa j-co liwat lah..hehe.

  Bari na ge nyieun bajigur mah gampil pisan,bahana ge sederhana asal aya cipati jeung gula beuruem tuluy digodog dihijikeun asal ngagodogna jeung takarana pas mah pasti ngeunah,komo mun ditambah cangkaleng jiga nu sok dijual ku tukang bajigur dijalan,amis-amis haneut kumaha kitu.

  Tah mun bandrek mah rasana rada lada tuluy ka tikoro jeung ka awak teh jadi sok haneut tapi mun bandrek mah geus loba dijual sachet tinggal ninyuh ku cai panas jiga kopi komo mun ditambah sewiran kalapa,ahh geus weh anggur merah mah liwat (bari jeung can pernah ngarasaan anggur merah)..hehehe













Tos heula ahh tulisan nu rada teu penting ieu ngeunaan bandrek jeung bajigur na..
Wassalam

Foto by : google