Senin, 21 Maret 2011

Si eta mah....

Perhatosan : Ngaos ieu carpon ulah bari tuang nya..!!!




Aya 3 budak keur ngobrol na buruan imah,kieu tah caritana...

Si A : "Nyaho teu..? Si eta mun ngomong teh sok ngacay jeung leungeuna teh sok bari ngorek ceuli tuluy diambeuan.."

Si B : "Komo si itu mah..!!! sok ngorong sembarangan jaba sok disusutkeun kabatur,cenah mah bagi-bagi rejeki, jeung mun geus ngorong langsung dahar sok tara ngumbah leungeun ..ihhh"

Si C : "Eh komo si anu mah siah..nyaho teu mun geus ingsreuk-ingsreukan bari lehona teh ngambay tea nepi ka biwir,hejo deui,sok hayang ngeulap da...hahahaha"




Di tempat nu sejen,Si Eta,Si Itu jeung Si Anu sarua keur ngobrol,kieu tah obrolan maranehna...

Si Eta : " Nahanya ceuli urang asa panas,aya nu ngomongkeun kitu " (bari niupkeun ka keupeulan leungeun tuluy di tempelkeun ka ceuli terus ngorek-ngorek ceuli bari diambeuan)

Si Itu : " panas cceuli berarti aya nu ngomongkeun didinya,ke dosa didinya pindah ka nu ngomongkeun.." (Bari nyustkeun korong ka leungeun si eta)

Si Anu : "Ceuli urang ge panas da,berarti urang teu boga dosa atuh,da geus pindah ka batur ... heheh" (tuluy bersin,si lehona teh ngambay hejo) ..


Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Silahkan tinggalkan jejak anda.

Terima kasih sudah berkomentar