Kamis, 10 Februari 2011

Bajigur Jeung Bandrek

  Sabaraha poe' katukang,hujan teh asa mineung turun di sore-sore atawa peuting ditambah ku angin nu ngagelebug gede.Dina usum tiris kieu mah biasana sok loba nu katarajang geuring demam,pilek,flu nu matak ngajangarkeun.Tah mun geus kitu urang kudu loba ngajaga awak meh teu gancang geuring komo nu kagiatana udar-ide'r kaditu kadieu nu katelahna basa ayeuna mah mobile.Mun sore-sore atawa peuting kan sok tiris jaba mun turun hujan nu ngage'wor badag di kota Bandung nambah tiris weh,ngeunah na mah teh cicing di bumi bari ngopi nu haneut-haneut atawa ngarengkol dijuru kamar bari disimut nu kande'l.

  Nyarioskeun ngopi nu haneut-haneut ubar usum tiris kieu,di daerah Bandung atawa tatar sunda pada umumna loba pisan opieun nu haneut-haneut bari jeung kacida ngeunahna moal bireuk deui ku balarea lah,contona bajigur jeung bandrek nu geus ka koncara pisan.Mun ngaleueut ieu inuman komo mun peuting mah jaba usum tiris kieu,Waah cokpis lah (cocok pisan maksudna mah..hehe).

  Bajigur nu dijieun tina cipati (kalapa) jeung gula beureum (gula kawung) ieu emang pe'do pisanlah jang usum kieu mah komo ditambah jeung kukuluban nu haneut-haneut siga kulub hui,kulub sampeu,kulub cau,kacang bulu jeung sajabana,ahh geus weh kopi starbuck jeung roti breadtalk atawa j-co liwat lah..hehe.

  Bari na ge nyieun bajigur mah gampil pisan,bahana ge sederhana asal aya cipati jeung gula beuruem tuluy digodog dihijikeun asal ngagodogna jeung takarana pas mah pasti ngeunah,komo mun ditambah cangkaleng jiga nu sok dijual ku tukang bajigur dijalan,amis-amis haneut kumaha kitu.

  Tah mun bandrek mah rasana rada lada tuluy ka tikoro jeung ka awak teh jadi sok haneut tapi mun bandrek mah geus loba dijual sachet tinggal ninyuh ku cai panas jiga kopi komo mun ditambah sewiran kalapa,ahh geus weh anggur merah mah liwat (bari jeung can pernah ngarasaan anggur merah)..hehehe













Tos heula ahh tulisan nu rada teu penting ieu ngeunaan bandrek jeung bajigur na..
Wassalam

Foto by : google

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Silahkan tinggalkan jejak anda.

Terima kasih sudah berkomentar