Kamis, 03 Maret 2011

Cendol, Cingcau jeung Goyobod

Mun siang-siang tengah poe hawa teh asa panas ngaheab hareudang jaba mun kesang ngoprot lu'at le'et ngabaseuhan awak, sok teu ngareunah weh mun kaayaana jiga kitu teh komo nu keur bari gawe, sakola, kuliah mah siang-siang sok katarajang panyakit tunduh jeung lelengutan, hayangna teh geura-geura gancang istirahat atawa balik ka imah ngahodhod bari dikipasan ku hihid komo deui mun nginum nu tiis-tiis seger jiga es cendol, cingcau atawa goyobod jeung sajabana. Waah seger pisan tah bisa jadi cenghar deui eta mah.Nyarioskeun cendol,cingcau jeung goyobod eta inuman teh emang geus kakoncara pisan. Diolahna ge ti bahan-bahan alami lain campuran ti bahan kimia jeung pengawet jiga inuman kaleng atawa nu bersoda.

Di kota Bandung aya tempat jualan cendol nu geus ka koncara pisan,mun ulin ka kota Bandung pasti moal bireuk deui lah ka Cendol elizabeth nu jualana deket toko tas elizabeth. Mantak dingaranan cendol elizabeth ge da ti ngamimitian usaha dagang cendol  jualana deket jeung toko tas elizabeth di jalan otto iskandar dinata,Bandung. Cendol nu bahan utamana tina tipung beas nu diguruntul-guruntul tuluy digodog dicampur warna hejo tina daun pandan,terus disajikeuna dihijikeun jeung es,santen,gula beureum cair (kinca). Rasana amis rada gurih,seger pisanlah komo mun di tambahan nangka mah pedo pisan.

Mun es cingcau mah bahan utamana tina daun cingcau nu diancurkeun tuluy diproses,mun tos jadi jiga jelly terus dicampur ku es,santen jeung sirop.Sabenerna mah cingcau teh aslina ti china nu dicokot ti kata Cincau (Hanzi: ไป™่‰, pinyin: xiancao)  nu asalna ti dialek Hokkian sienchau. Mun ayeuna mah es cingcau teh sok dikreasikeun jeung es krim nu mantak nambah seger.Cingcau ge aya nu hejo,aya nu hideung jeung sok aya oge nu warna warni. Daun cingcau ge sebenerna aya kasiatna nyaeta bisa jang ngalancarkeun pencernaan.

Mun Goyobod,di Bandung aya Goyobod nu geus koncara pisan diantarana nyaeta : Gokil (Goyobod Kliningan) jeung Goyobod kuno.Mun sok balanja ka pasar baru,di daerah tukangeun bangunan pasar baru aya gerobak nu jualan  Goyobod nu geus ka koncara pisan nyaeta Goyobod kuno 49 jeung aya hiji deui nu landihna Gokil singkatan tina Goyobod Kliningan nu mangkalna di jalan kliningan . Goyobod nu bahan utamana tina tipung aci kawung atawa tipung hun kweenya nu dicampur cai tuluy diolah. Ameh nambah nikmat biasana sok dicampur ku kalapa parut,santen,susu jeung kinca.Ehmm,,ngarioskeun nu seger-seger jadi rada ngacay ..hehe

Tos heulanya ngeunaan cendol,cincau sareng goyobodna, nuhun.


Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Silahkan tinggalkan jejak anda.

Terima kasih sudah berkomentar